:

2 Babad 9

1

Ratu nagri Syeba ngadangu warta hal kamashuran Raja Suleman, tuluy anjeunna ngadongdon ka Yerusalem seja ngajajal kapinteran Suleman ku sual-sual. Angkatna nyandak pangiring loba pisan, bari nyandak pirang-pirang onta dimomotan wawangian, permata-permata, jeung emas kacida lobana. Sanggeus tepang jeung Suleman, ratu ngasongkeun sual-sual anu geus aya dina manahna.

2

Panyualna kabeh kawaler, keur Suleman taya pisan sual anu henteu beunang.

3

Barang ratu nagri Syeba uninga kana kapinteran Suleman, tur ningali karaton beunang Suleman ngadegkeun,

4

ningali katuangan anu ditata dina mejana, ningali patempatan para pajabatna, ningali aturan gawe para ponggawa karaton katut saragemna, ningali dangdanan abdi-abdi anu ngalaladenan tuang, jeung ningali kurban-kurban anu dijalankeun di Bait Allah, ratu teh bati kataji jeung helok.

5

Ratu misaur ka raja, "Raja leres-leres pinter binekas, cocog sareng wartos anu kakuping di nagara sim kuring.

6

Sakawitna wartos teh ku sim kuring teu dipercanten, nya teras dongkap nyaksian sorangan. Geuning wartos anu dugi ka sim kuring teh henteu paro-parona acan tina sajembaring kapinteran Jeng Raja anu saleresna. Jeng Raja estu langkung-langkung pinter ti batan anu kacarioskeun.

7

Bagja temen rahayat anu kumawula ka salira, anu teu petot-petot marek sareng kasinugrahan tiasa ngupingkeun pitutur-pitutur kabijaksanaan Jeng Raja!

8

Sagala puji ka PANGERAN, Allah Jeng Raja! Mantenna parantos namplokkeun kaasih ka salira dugi ka diangkat jadi raja ngasta nagara kalayan pajenengan Mantenna. Tawis Mantenna asih ka Israil umat-Na, sareng mikahoyong sangkan umat-Na sumujud ka Mantenna sapapaosna, salira teh ku Mantenna dijenengkeun raja supados iasa miara hukum sareng kaadilan."

9

Ratu ngahaturkeun cacandakanana ka Raja Suleman: emas leuwih ti opat rebu kilo, wawangian jeung permata-permata kacida lobana. Wawangian hadiah ti ratu Syeba ka Suleman kacida haradena, teu aya anu ngungkulan.

10

(Abdi-abdi Raja Hiram jeung abdi-abdi Suleman tea, kajaba ti mawa emas ti Opir teh mawa kayu candana jeung permata-permata ongkoh.

11

Kai candana tea ku Suleman dijieunan tetecean-tetecean Bait Allah jeung karatonna, sawareh dijieunan kacapi jeung gambus paranti para pamaen musik. Di tanah Yuda tadina tacan aya nu model kitu.)

12

Hadiah ti ratu Syeba ku Suleman dibales. Jeung naon bae anu dipundut ku eta ratu ku Suleman dipaparinkeun. Ti dinya ratu mulih jeung pangiringna ka Syeba.

13

Unggal taun Raja Suleman meunang emas lobana meh dua puluh tilu rebu kilo,

14

jaba pajeg ti para padagang jeung para sudagar. Raja-raja Arab jeung para gupernur wewengkon-wewengkon Israil oge nyaranggakeun perak jeung emas.

15

Suleman ngadamel kepeng anu galede dua ratus siki, masing-masing dilakop ku emas tujuh kilo, emasna diteupa.

16

Kepeng-kepeng anu leutikan oge ngadamel tilu ratus siki, masing-masing dilakop ku emas tilu kilo diteupa. Kabeh ku anjeunna disimpen di hiji rohangan anu disebutna Karaton Leuweung Libanon.

17

Jeung deui raja ngadamel hiji singgasana gede, sabagian dilapisan ku gading, sabagian dilapisan ku emas tulen,

18

make tetecean genep hambal jeung diberean jojodog sampean anu dibulen ku emas ngahiji kana singgasana. Kenca katuhu singgasana make leungeun, gigireunana masing-masing make sisingaan anu narangtung.

19

Teteceanana oge make sisingaan dua belas, unggal tungtung hambalan hiji sisingaan. Di karajaan sejen tacan aya singgasana anu model kitu.

20

Lumur-lumur kagungan Raja Suleman kabeh tina emas, sagala rupa wawadahan anu aya di Karaton Leuweung Libanon kabeh tina emas tulen. Dina jaman Suleman perak mah dianggap taya hargana.

21

Anjeunna kagungan kapal-kapal purah lalautan, balayarna babarengan jeung kapal-kapal Raja Hiram. Tilu taun sakali kapal-kapalna mulang mawa emas, perak, gading, lutung, jeung monyet.

22

Di saalam dunya taya hiji raja anu ngungkulan kabeungharan jeung kapinteran Raja Suleman.

23

Raja-raja sejen sarumping ka anjeunna seja ngabarandungan kapinteranana anu dikurniakeun ku Allah.

24

Unggal raja sumpingna jeung kikintunan, barang-barang tina emas jeung perak, jubah, pakarang, wawangian, kuda, jeung bigal. Kitu bae unggal-unggal taun.

25

Jeung deui Suleman kagungan opat rebu gedogan pikeun kuda jeung kareta, kagungan pasukan kuda dua welas rebu urang. Ditempatkeunana sawareh di Yerusalem, sawareh deui dipencar di kota-kota sejenna.

26

Ti semet Walungan Eprat nepi ka tanah Pelisti jeung wawatesan tanah Mesir, anjeunna raja anu pangpunjulna.

27

Jaman anjeunna marentah, perak teh di Yerusalem mah dianggap barang biasa, disaruakeun jeung batu. Kayu kiputri oge lobana mangpirang-pirang cara kayu-kayu camara biasa anu di lamping-lamping pasir di Yuda.

28

Ti Mesir jeung ti nagara-nagara sejenna Suleman ngadatang-datangkeun kuda.

29

Carita Raja Suleman salian ti eta ti awal nepi ka ahir, aya dina Kitab Carita Nabi Natan, dina Kitab Piwejang Ahia urang Silo, jeung dina Kitab Wahyu Nabi Ido anu ngamuat oge carita hal pamarentahan Yarobam raja Israil.

30

Suleman ngarajaan sakuliah Israil lilana opat puluh taun, calikna di Yerusalem.

31

Sanggeus pupus dimakamkeun di Kota Daud, tuluy Rehabam putrana jadi raja ngagentos anjeunna.

Link: